Loading

Terjemahan Bahasa Indonesia ke Basa Sunda

SUAMI SETIA

Aya hiji kulawarga nu kacida pisan harmonisna, si lalaki satia pisan ka pamajikanana, sagala kahayang nu di penta ku pamajikanana pasti dicumponan.
Dina hijia poe di waktu pamajikanana tilar dunya, si salaki sedih pisan jeung asa leungiteun, pas dina acara pamakaman, sarengsena pamajikanana dikurebkeun, si lalaki ceurik tarik sabari nyanghareupan gundukan taneuh nu baseuh keneh terus manehna teh ngipasan eta kuburan pamajikanana.
Atuh ningali kajadian kitu teh loba jalma nu bararingung, boh ti pihak kulawarga kitu deui tatangga-tatanggana
Sanggeus sababaraha lila, pihak kulawarga jeung tatanggana nu nganteurkeun ka kuburana baralik, malah si lalaki nu cengeng tadi oge diajak balik bareng tapi teu daekan.
Keluarga : "Kang atos atuh sing sabar, keun weh ridlo keun tong dikipasan wae kitu atuh kuburan teh Insya Allah si teteh moal kapanasan..."
Salaki : "Atos teu nanaon ! tinggalkeun we ! Abdi hoyong keneh di dieu heula sorangan "
Kusabab teu daek wae diajak balik, pihak keluarga teh akhirna nyalukan Pak Haji jang dipenta bantuanana supaya si lalaki daek di ajak balik.
Pak Haji : "Kang atos teu kedah jiga kieu atuh, hayu urang uiih we !"
Salaki : "Abdi sanes teu hoyong uih pa haji, abdi teh ngipasan kuburan ieu teh pamenta pun bojo, saurna na teh upami bade nikah deui antosan kuburanana garing heula !"
 
sumber : http://www.facebook.com/WARKOP.Persib.Bandung
 

OBROLAN DUIT

Di hiji Kotak Duit, duit kertas sarebuan panggih jeung duit lima puluh rebuan nu keur ngobrol jeung duit saratus rebuan, terus si duit sarebuan teh nanya sok akrab:
"Hey maraneh teh kamarana wae kakara katingali deui di ieu kotak ? jarang pisan katingali maraneh teh akhir-akhir ieu !"
Duit kertas lima puluh rebuan jeung saratusan rebu saharita ngajawab bareng "Urang mah karek pisan balik naek kapal pesiar, dipake maen judi, terus dibawa lalajo Final Champion di Moskow, cik keneh dibawa ka hiji supermarket, pokona mah geus ka mamana urang-urang mah, ari maneh kamana wae euy ? si duit lima puluh rebuan malik nanya
Duit kertas sarebuan ngajawab "Kapan maraneh nyaraho ti baheula oge,... seperti biasana kuring mah di Kotak Amal Masjid terus ayana !"
 
sumber : http://www.facebook.com/WARKOP.Persib.Bandung

Postingan Anyar

U.S.A Fans Box

Categories

Followers